Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Surat-surat Kawerat

Rabu, 31 Juli 2013

IEU haté, Kaulanun. Bet ririaban baé geuning. Teu beunang dipépéndé. Teu kalis ku dibangbalérkeun. Saban tepung jeung simpé. Bruh-bréh. Pirang kalangkang. Narémbongan. Tineung pating kelemeng. Pangacian bur-ber ka ditu ka dieu. Ngacacang. Ngumbar kahayang nu can karuhan kasorang. Cara ayeuna. Ingetan nyangsang dina calana panjang jeung kaméja nu mangkukna dipecakan. Bréh deui. Kuéh kaléng nu ngajéngjréng na étalaseu. Nojosan kongkolak panon. "Abah, uihna nyandak acuk dulag nya!" Ceuk budak dina telepon. Ras kana surat péhaka nu katampa poé tadi. Ras deui. Kana surat ti sakola budak. Surat-surat tagihan nu pating kurunyung. Surat gugatan ceréy ti indung budak. Surat kabar nu pinuh ku léléwa. Saban mangsa. Pirang surat pasuliwer na kongkolak otak. Ari ieu. Lambaran surat asih kintunan Salira. Duh, geuning bet kalah ngagunduk di juru. Belewuk pinuh ku kebul. Heubeul pisan dimomorékeun. Teu kapaliré.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya