Skétsa
LADANG pasesedek di balé désa téh ngan cukup keur béas sakarung jeung mayar sésa kontrakan. Jauh tangéh kana bisa ngabanjel rasiko dapur jeung ongkos barudak. Hahargaan nu tingarapung ka alak paul, matak ngahégak jeung
carinakdak. Najan hulu geus jadi suku, tetep teu nepi kana deungeun sangu. Bet ukur hayang dahar jeung sambel gé kudu beunghar heula ayeuna mah.
Panon ibunan, neuteup nu ngagaleubra limaan éntép pindang. Saur buka ngan dibeberah ku papatah. “Sing salabar. Ayeuna mah nu carukup gé loba nu mimiti ngasaan susah. Keun sangu wungkul gé, da bakal amis karasana mun digayem bari sukuran.”
Hirup nu mingkin beurat, muga teu matak bobor karahayuan, ngarasula nyeungceurikan dunya nu weléh teu kaala. Paneuteup eunteup kana poto nu napel na bilik. Batur hirup nu geus luluasan. Méréskeun katunggara...nabrakkeun manéh kana karéta.* Tiktik Rusyani - kisuta.com


