Samagaha
“DASAR pacundang manéh mah!” ceuk manéh. Dicatet tah ku aing. Moal poho. Lain sakali nyarita kitu téh. Ulah abong kawasa, lah! Aing téh jelema, deuleu! Sarua boga rasa. Naon salah aing? Unggal poé tara alpa. Tara loba polah. Mun manéh
nerangkeun, aing tara gandéng kawas nu séjén. Mangsa ujian, aing mah cadu nurun kawas batur. Ceuk bapa aing gé haram nurun téh, sarua jeung maling. Aing narah jadi bangsat! Jalma-jalma nu ceuk manéh majar palinter téh kabéh gé culas. Sok rék ngomong naon deui? Rék nyebut deui belegug? “Manéh mah tumor, euy! Tukang molor!” ceuk manéh deui. Aing mah lain molor, tapi geuleuh nénjo manéh! Loba ceta. Kumasép. Hayang kapuji ku bikang. Pelajaran mah teu nerap. Waduk tah, ngajar téh! “Héy, pacundang! Ngarti teu, manéh?“ Goblog! Geus pok deui waé. Geus nista maja utama. Gejlig, nénjrag ubin. Léos indit. Teu hayang ngarérét. Di luareun kelas. Ngarénghap panjang. Trét, ngagurat taneuh.* Nana Sukmana - kisuta.com


