Naon Mangpaatna Ngondang Persidén?
NAHA aya mangpaatna mun persidén diondang pikeun nungkulan hiji acara? Nya, meureun aya, ari pikeun pihak anu ngondangna mah. Sakurang-kurangna panitia, katut anu haladir dina éta acara, bisa langsung jonghok jeung
jinisna. Leuwih jauhna, sugan waé kabeneran bisa kapotrét babarengan; naha éta mah dina keur sasalaman, milu nangtung ngajéngjréng, atawa dina poseu anu kumaha waé—nu penting asal aya persidénan, kajeun teuing posisina pajauh gé, tungtung pada tungtung. Kapan potrét anu kitu, anu sok dipiagul téh. Ku jinisna anu aya dina éta potrét, ukuranana ogé sok digedékeun, laju dipigiruaan dihadé-hadé, jeung jadi bahan agulkeuneun.
Tapi, tina naon anu kaalaman dina kahirupan sapopoé, hadirna persidén téh teu karasa mangpaatna. Malah anu puguh mah asa leuwih loba madorotna. Tangtu, ieu mah cék anu kaalaman jeung karasa ku diri pribadi, moal mamawa ngaran (mengatas-namakan) balaréa.
Éta geura dina lebah geus kadéngé héong-héong sirineu, minangka tangara yén persidén katut rombongan arék ngaliwat, apan jalan anu baris kaliwatanana téh lain waé kudu kosong, tapi deuih kudu steril. Kendaraan lianna mah, anu taya hubunganana jeung hadirna persidén, wayahna kudu ngéléhan. Angkot jeung beus kota, dalah ojég, geus puguhing da ari béca mah ceuk aturan kota gé teu meunang asup ka jalan raya, wayahna kudu puputeran néangan jalan séjén anu geus tangtu kana nyocokna. Jalan nu aya di Kota Bandung téa, najan teu kacontang ku rék dipaké liliwatan persidén gé apan geus sakitu mindeng macétna. Komo deui lamun sawaréh ditutup heula jam-jaman (jeung ilaharna ogé anu ditutup téh ruas jalan anu paradet lalu lintasna), geus tangtu kendaraan téh tamplokna ka jalan séjén. Balukarna, aktifitas sapopoé balaréa jadi ngaheunggeu. Ari rayat, heueuh da teu bisa nanaon atuh; paling-paling ukur luh-lah jeung kukulutus.
Ngosongkeun jalan téh lain perkara énténg, sabab loba rambat kamaléna jeung aspék-aspék kahirupan lianna. Geus karuhan anu pangupa jiwana ngandelkeun panumpang (angkot, beus kota, jeung taksi di antarana), dalah anu néangan kasab tina dagang jeung anu ngajual jasa lianna ogé, apan kagiatanana jadi kaganggu. Tukang dagang kudu nyingkah heula, malah toko jeung warung ogé sok milu tarutup. Cumah tuda buka ogé, da moal aya anu balanjana. Kaasup bank deuih anu kabawa sepi téh—taya transaksi; nasabah taya nu daratang, da rék ka dinya ogé hésé néangan jalanna.
Tuh apanan, muterna gilinding ékonomi wayahna ngajeten heula. Mun diitung ku ahlina mah, nyao sabarahaeun tah rugina ogé. Keun ari lebah pangusaha anu kagiatan ékonomina kaasup kana skala gedé mah, moal karasa teuing, meureun. Tapi apan ari pikeun rayat anu hirupna koréh-koréh cok mah, matak jadi bangkar éta téh.
Najan kasebutna ngondang persidén, tapi apan dina émprona anu jul-jol téh kaasup jeung sajumlahing pangagung bawahanana deuih, boh nu ngabring ti Jakarta boh anu aya di daérah. Bet sageuy teuing persidén sumping cecelengcengan. Anu milu ngabring-ngabring téh, keun ari pejabat anu aya pakuat-pakaitna mah, atawa kitu kuduna ceuk aturan protokolér. Tapi apan pejabat anu luareun ti éta ogé, piraku onamanan teu milu setor beungeut sangkan kapeunteun—pangpangna keur anu baroga méntalitas badéga.
Ku mungpungna pangagung di sabudeureun persidén, teu mustahil pagawéan di instansina mah katunda (heula). Leuheung mun ukur semet kitu, apan mun bapa kapala angkat mah, bawahanana ogé sok rajeun milu buriak. Kosong wé kantor téh!
**
Jalan anu rék dipaké liliwatan, malah jeung lokasi di sabudeureun persidén hadir, teu cukup ku sina kosong waé, tapi kudu dijaga ku patugas (ti mimiti anu pancénna nyetop kendaraan tepi ka anu ijigimbrang bari brik-brikan dina HT, maraké baju paréman), malah sok bari diwewegan ku réngréngan personil ti organisasi masa, anu jumlahna lain hiji dua; mun teu ratus gé, puluh atuh. Tangtu kudu maké waragad kikituan téh, da piraku ciatah onamanan; sakurang-kurangna nasi bungkus, da jigana pamohalan mun kudu nimbel ti imah masing-masing mah.
Tangtu waé éta lokasi téh kudu weweg dijaga, ulah tepi ka kabobolan. Ari sababna, dina pajamanan kiwari mah, mun persidén hadir ka hiji tempat, geus bisa dipastikeun bakal datang tingalabring anu marawa spanduk jeung poster, diramékeun ku orasi. Heueuh, démonstrasi téa! Tepi ka sok sawatara bubuhan éta téh, jul-jol ti ditu, ti dieu. Leuheung mun ukur semet kitu, da geuning dina kabuktianana mah sok jadi ramé ku silih dorong—nu itu keukeuh hayang ngangseg, nu ieu henteu mikeun jeung cadu méré jalan. Antukna sok rajeun ditungtungan ku buk-bek.
Tuh nya, leuwih loba madorotna ngondang persidén téh! Komo mun seug bari rada pupujieun dipapag ku upacara adat-adatan. Anu ngarasa meunang mangpaat mah ukur sawatara jelema waé, kaasup maranéhna anu sok ngarugal-rigel anggaran—apan ari ngondang persiden téh puguh angka rupiana dina proposal, anu posna tangtuna ogé rupa-rupa. Heueuh, ieu mah mun diukurna ku jaman ayeuna; jaman sarwa tigerat ku rupa-rupa hal. Tapi jaga mah, mun kahirupan balaréa geus bru di juru bro ‘na panto, nya alus waé mun persidén sina rurumpaheun téh.
Mun persidén (kaasup jeung pangagung lianna) ulah (waka) diondang ka daerah, har kudu kumaha atuh, dina rék diperlukeun ngaresmikeun hiji acara, upamana?
Ih, apan ayeuna mah geus aya pakakasna, anu disebut tele-conference téa. Persidén pidatona di Jakarta, dibarandungan ku anu dumuk di daérah, nyaéta maranéhna anu keur ngayakeun acara téa. Cukup meureun ku ngabandungan pidato ti kangggangan ogé, teu kudu jonghok jeung jinisna waé. Cenah urang téh geus hirup dina abad ipték, tapi ku naon anu geus aya teu digunakeun.
Ku cara kitu, jam kerja persidén moal loba kacontang, bari urang daérahna sorangan ogé moal loba anu ngarasa kaririweuhan. Keun waé persidén mah sina jongjon digawé di Jakarta. Apan pancénna ogé sakitu numpukna jeung sakitu beuratna, di antarana ngaronjatkeun tarékah kumaha carana sangkan listrik jeung BBM ulah undak, jeung para koruptor gancang-gancang diprosés sacara hukum.* Tatang Sumarsono - kisuta.com


