Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bajidor

Senin, 5 Agustus 2013

“BISMILLAH..Ngawitan..witan mangguuuung…Muji sukuuur ka Hyang Aguuung…” Sindén ngaleu. Ki Adam, andekak hareupeun panggung. Geureuleung sinden ngetrukkeun pangirut. “Bajing luncat…bajing luncat ka astanaaa, dunungaaan…” Ret, sodér dikaitkeun kana beuheung. Sampoyong nyembah. Soloyong mincid. Nutur-nutur ketak Nyi Dénok. Sindén bekén ngareundeuk. Ngariyegkeun harigu. Imbit muih éplok céndol. Goyang Karawang muhit kana jajantung. Ki Adam rénghap-ranjug. Jariji reujeung jajangkung, mesat duit lambaran beureum. Ngaréngkénék. Duit dikepit. Sup diselipkeun kana bebelahan dada. Nyempil dina pinareup nu dikabaya beureum. Ma Eha nyirintil. Meulitkeun tiung kana beuheung Ki Adam satengah dicekék. “Dasar Aki-aki nurustunjung..! Mana duit keur meuli balsem..?!” Ki Adam neureuy ciduh.* Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya