Buta Terong
HIRUP di leuweung geledegan. Lubak-libuk sagala nyampak. Bageur. Teu pikasieuneun. Nyaah ka balarea pangeusi leuweung. Ngan pangedulan. Gawena estuning hardolin. Kadaharan ukur tina tutuwuhan. Teu beuki sabangsaning lauk atawa daging.
Vegetarian asli.
Ku kedul-kedulna manehna indit ka pilemburan newak jelema sajodo. Purah babantu ngawulaan. Najan tadina sieun tapi pungkasna eta nu sajodo teu burung manggih pangabetah. Nu awewe purah masak ari lalakina nu balangsiar bahan. Olahan eta bujang kapake pisan ku si buta.
Taun ganti windu maju ka dasa warsa. Awak buta tambah morontod. Hiji poe si buta dahar kacida ponyona sabab pasakan rasana beda ti biasa.
"Naon samarana kadaharan poe ieu?" tanya si buta. Panasaran. Keukeuh ngaguliksek teu sugema ku jawaban tukang masak. Antukna balaka bari ngarasa dosa, "Punten juragan buta, tadi teh waktos nuju saksak-siksik curuk abdi kakeureut. Getih sareng tungtung curuk lebet kana angeun iwung. Sadaya-daya abdi rumaos lepat."
Teu mangkuk sataun ti harita pangeusi lembur beak dihakan buta. Teu kaop dimimitian tuluy katalanjuran. Sarakah.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


