Sastra & Humor
Fikmin
Nu Muih
Selasa, 6 Agustus 2013
ÉMUT. Kapungkur sok ameng sareng Bapa. Di kebon anu seueur kembangna. Upami abdi nuju metikkan kembang, Bapa mah sok anteng ngadamelan kolécér. "Tétéh tingal, kolécérna muih sapertos bumi, jam, ogé roda mesin kaput
kagungan Bapa" pokna. Ogé kapungkur, Bapa remen nyarios "Tétéh, hirup téh sapertos gilinding sapédah. Aya waktosna di luhur. Aya waktosna di handap. Émut, ieu ngan kanggo jalmi anu ngaboséh sapédahna" bari tuluy sok nangkeup. Ayeuna. Hoyong téh ngobrol sareng Bapa, yén abdi ogé remen ningal anu muih. Tapi teu matak ramé. Da sanés kolécér ti Bapa. Sanés roda mesin kaput kagungan Bapa. Tapi gilinding motor Si Jungjunan. Anu unggal uih sakola sok dianggo ameng. Momotoran. Sareng sobat abdi.* Indah Eka Lestari - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


