Ngajelaskeun Ngaran Kolot
DI SMA negeri nu aya di wewengkon Cihampelas Bandung, aya hiji guru nu nerapkeun disiplin teges pisan ka siswa-siswina. Ngarana Pa Encang. Siswa nu miluan pangajaran manehna, kudu jéntré milu aturan nu diterapkeun sakola. Kabéh
murid kudu disapatu hideung, kaos kaki bodas. Siswa lalaki, buukna kudu pondok tur rapih, saragam kudu lengkep ti mulai topi, dasi, émblem nepi ka bros na kerah kudu diparaké. Baju diasupkeun kana calana, tuluy digésperan poles hideung. Siswi awéwéna teu meunang maké rok luhureun tu'ur.
Lian ti eta, mun Si bapa asup kelas, manehna moal poho ngabsen muridna hiji-hiji. Sakapeung mah sok mere kuis sagala nu dicokot ti pangajaran minggu kamari.
"Tuhpéh Ahméd," ceuk Pa Encang.
"Hadir, Pa!" tembal Tuhpéh, salahsahiji murid nu dicirian ku Pa Encang, pedah sering mabal pas pangajaran manehna.
"Udin D. Komaruddin! Aya?" caluk Pa Encang.
Udin, "Siap, Pa!"
"Lain siap-siap! Ari D teh kapondokan tina naon Udin?" ceuk Pa Encang.
Udin pok nembalan, "Kapondokan ti Didin, Pa."
"Jadi ngaran maneh teh Udin Didin Komaruddin? Bisa kitu nya?" ceuk Pa Encang sabari gogodeug.
"Lain ngaran bapa maneh mah Maman, Din?" ceuk guru nu ngajar PMP ieu téh.
"Muhun. Maman P. Durahman," tembal Udin.
"Ari P na naon?" ceuk Pa Encang.
"Parman, pa! Panjangna Maman Parman Durahman," Udin némbalan deui.
"Ngaran indung manéh Eti pan? Cing ku bapa tebak, paling ogé Eti Teti Sumiati nya?" ceuk Pa Encang panasaran.
"Sanés...Eti Chintya Barbara, Pa!" ceuk Udin ngajelaskeun.
"Beu!" ceuk Pa Encang jero haté.* Nada Ahmad - kisuta.com


