Sastra & Humor
Sajak
Tamansari, Soré
Selasa, 6 Agustus 2013
keur: Deri Hudaya
Basa hujan nyeprétkeun cérét kana lahunan
lalaunan hiji lembur diucutkeun tina lamunan.
Urang hanjat. Najan apal beuki jauh ngejat, beuki
deukeut maranéhna naleukeum.
Manahoréng ari panineungan, teu béda ti lagu cinta
najan dihariringkeun ku biwir saha jeung iraha
angger. Ngeleperkeun nu ilang 'na dada urang.
Bandung, 2012
Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


