Tunggul Rahayu
“MA, tuang heula,” sor lodéh jeung tahu. Caman cémén, tahu dikeceng-keceng. Sérédéét karasa peurih dina haté. Duh, da lain teu hayang nyenangkeun.Ti saméméh puasa Ema palay calik teun kuring. Indung tunggul rahayu, kuring atoh kacalikan
anjeunna. Komo dina bulan puasa, boga harepan kénging berkah tina ngurusanan Indung. Harepan nu muga tinekanan sanajan kudu loba istigfar
Tanggal hiji, Ema palay dijajap ka bank nyandak artos pangsiun titinggal Apa. Balikna matuh, ribut nyebutkeun duit ngan saeutik. Kamari, lanceuk nu kadua ngalongok teras masihan artos ka Ema duka sabaraha.
Saminggu méméh lebaran, Alhamdulillah boga rejeki bisa mangmeulikeun salin keur budak. Abong bolon, baju meunang meuli ti pasar, hayoh digémbréng-gémbréng hareupeun ninina. Atuh Ema ngajetetet. Kapaksa néangan babaturan nu sok ngiriditkeun pakéan.
Ba’da magrib sora takbir mapag lebaran geus réang ti unggal masjid. Ema teu kaluar ti kamar, geuwat ditéang bisi kumaonam. Kasampak nuju anteng calik dina sajadah bari ngitung lambaran bareureum.* Aam Amarullah - kisuta.com


