Gadis Podium
KAKARA 15 étape. Jumlah waktu 22 jam 4 menit 27 detik. Lumayan, masih kénéh aya di kelompok 10 besar. Isuk, étape ka-16. Waktuna némbongkeun kamampuh. Start. Ngabelesat. Tanjakan jeung tungturunan. Teu diengkékeun.
Break. Misah ti rombongan. Di KM 58, lebah tanjakan Puy Sanieres. Nu lalajo di sisi jalan, ngabagéakeun. “Boséh teruuuus…!”
Beuki sumanget. Peleton pangdeukeutna, géséh kira 4 menit. Kaceluk raja tanjakan. Ti poé katujuh geus maké kaos polkadot. Tutugan Reallon, angin tarik. Hiuk. Ngépot na tikungan. Laju nurugtug lir jamparing. Ngalieuk. Di rombongan peleton, nu coba-coba breakaway. Gep. Dilegleg deui ku rombongan. Manéhna, beuki ngabelesat.
Lima kilométer deui kana garis finish. Sprint. Tim ngatur kacepatan paralél. Manéhna, bébéakan. Adu sprint. Finish pangheulana. Naék kana podium. Nampa cipika-cipiki ti gadis podium. “Salut, Kang!” Isukna. Étape ka-17. Minangka individual time trial. Teu diiluan. Kitu deuih, étape satuluyna gé. Mundur. Kalah ka méngkol ka étape balé nyungcung. Ngadahup ka Si Gadis Podium.* Rameli Agam - kisuta.com


