Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Reumbay

Rabu, 7 Agustus 2013

Pancén kuring sapopoé matuh. Nyaian. Ngalésangan. Sangkan teu matak sareukseuk ka sakur-sakur nu boga teuteup. Kuring satia marengan saha baé dina kaayaan bagja sumawona tunggara. Malah sakapeung mah sok makelatkeun datang najan rada horéam, pikeun ngadeudeul paripolah nu ngan saukur api-api. Ceurik baya. Badis nyiksikan bawang. Cindakdak saharitaeun.
Bulan puasa ayeuna contona, loba pisan pacabakan téh. “Usum muhasabah!” Cenah. Méh ampir saat. Ngolétrak. Kusabab kudu murubut baé nepi ka keclak panganggeusan. Teu kabéh nyaan émang, aya ogé nu saukur alak-alak cumampaka. Hayang katangar. Nu dina poéan lebaran ragana éta jalma sok ujug-ujug rarobah jaradi kuda. Galumincir ninggalkeun gedoganana.
Mun geus kitu, kuring teu bisa nyakclakan deui. Taya sésa keclak nu nyéngcélak. Najan dicokélan tina tempatna ogé.* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya