Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Balanja Lebaran

Rabu, 7 Agustus 2013

NGARAKACAK neuleu Ema sajadahna lagedu. Lebaran ieu, jangji deuk mangmeulikeun nu anyar. Nu empuk, doang nu Bu Hajah Enong, kitu kahayang Ema.
Lilikuran puasa, Alhamdulillah, tujuh turuy cau, méh bareng kolotna. Pikeun sajadah Ema.
Gilig ka Mol, sorangan, hayang jojong neuleuan barang, ja boga tambahna, meunang umpan-impen ti sawal buri. Deuk méakeun kapanasaran.
Sup ka Mol, kagét, nu baralanja teu saraum. Padahal keur marilihan pakéeun lebaran. Nu teu saum mah, mareunang bonus. Meuli Koko, bonusna sajadah.
Kula nurutan. Nyaleuhak di pudkot. Laju meuli koko, kopéah, jeung sendal. Kagol meuli baju hérangan, kaca panon érlojina, topi barca sakalian.
Mayar, duit ledis. Korédas. Leus teuin, balik deuk leumpang suku baé. Hadiahna taperwér, alus jasa. Mulang.
Jog ka imah, mukaan balanjaan. Ema nyegruk. Kebon cau balilihan. Céngcéléngan aleu-aleuan ceurik. Taperwér ngagakgak nyeungseurikeun. Sawara nu ngahahah kadéngé ti Mol. Teu eureun-eureun, tepi ka lebaran. Bagoooor dararia.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya