Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Datang, Nu Ngahiang

Jumat, 9 Agustus 2013

AWEUHAN haleuang sindén mépéndé haté nu gudawang. Sumeblak, basa manéhna rentang-rentang témbong datang. "Sampurasun, Nun." Lalaki maké salontreng bodas uluk salam. "Rampés," diwalon ku sora halon. "Bingah tiasa tepang deui, sono," pokna. Teu wasa males teuteup jeung imutna. Sorot socana masih kawas ti heula-heula, niruk rasa. Taya paguneman malipir wanci, ngan aya dua leungeun pageuh pataréma-réma, nu sakapeung silih paok teuteup. "Lalakon urang salawasna moal ilang tina émutan sanaos duriat kedah papegat. Salira maneuh didieu." Manéhna ngaragap dada. Kuring unggeuk binarung imut. "Tawis asih Kakang kanggo salira." Manéhna ngeupeulkeun bungkusan lawon bodas, laju ngahiang dituturkeun cahaya ngempur. "Tan hana nguni, tan hana mangké..." pokna jeung imut nu sajorélat. "Néng, gugah. Wayangna gé atosan." Cék sora, ngageuing. Bray, beunta. Gigisik, culang-cileung. "Milari saha, Geulis?"
Rambisak, néang lalaki nu maké salontréng bodas nu datang laju ngahiang. Gebeg, jajantung ratug basa sadar bungkusan lawon bodas pageuh 'na keupeulan. "Duh, panutan...."* Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya