Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Perkedél

Jumat, 9 Agustus 2013

LAMBAK karasa anteng. Kapal terus ngangkleung. Angin sagara, hideng ngahiliwir. Pelenghir. Pais hayam, balawiri. Daun bungkus timbel, teterejel. Clé, tingdarepong ‘na cukang irung. Nyah, gurinjal. Kasampak, nu mudik sapiri-umpi. Balakécrakan, teu riuk-riuk. Tunjangeun pisan. Iwal budak pangleutikna. Rét deui-rét deui, méméh ngahuap téh. Belenyéh. “Emam…?” cenah, teu nyora. Uing nyengir. Song, huapanna. Uing gideug. Song, pais hayam. Uing gideug. Gep, perkedél. Song. Ditelek-telek. Kalah bruh-bréh, Ema di lembur. Cakah-cikih, nataharkeun bebekelan uing harita. Méméh lunta. Kentang Diéng nu ngonéng mantéga. Daging cingcang-siksikan salédri-sambara. Digalo luhureun coét. Kari endog. “Kumbah heula siah, endogna! Salucir-lucirna gé, tina bool hayam!” Ema ngagantawang. Apik. Tapi jadi jimat keur uing. Duh, Ema…. Hampura! Jimat can kungsi kapedar. Geus sabaraha lebaran uing teu nepungan? Uing sono, Ma….
“Adé, nu leres atuh emamna! Kalah dioprék kitu, nya?” Indungna semu nyentak. Budak kagentak. Uing ngantelkeun curuk kana biwir. Laju gugupay. Séot, ngalayang ka pangrereban anu maneuh. Laut Masalémbo.* Dadi Arya - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya