Nu Betah di Lembur Batur
“An der schonen blauen Donau”, Blue Danube, Danube bulao, yasana Johan Strauss II. Mirig léngkah kuring asup ka imah patani di lembur anggur Danube, Jerman.
“You do drink wine, don’t you?” cenah soméah. Kuring unggeuk.
“Yes, I do, sir.” Ke lanan, asa wawuh jeung ieu patani téh.
“Where did you come from, sir?” Panasaran, “Are you Indonesian?” Nu ditanya kerung.
”No, sir. Abdi mah ti Bandung.” Tuh nya. Paingan asa wawuh.
“Nepangkeun, Erlangga Sucipto!” Sasalaman. “Tilu taun tatanén anggur di dieu…” Pokna basa ditanya ti iraha hijrah ka Jérman.
“Saha waé nu milu ka Jérman téh?” Beuki panasaran.
“Opatan; Atép, Aang Suparman sareng Shahar Ginanjar...”
“Kunaon atuh Pérsib dikantunkeun?”
“Betah di dieu, Kang. Tiasa nguseup sareng ngurek. Pimanaeun di Bandung mah…”
“Aya ku luluasan atuh Ronggo mah…” Teu kebat.
“Sareukseuk di Bandung mah, Kang. Kantun kampung beton. Kumaha iasa régénérasi. Aya lahan kosong gé, janten mall.”* Deni Riaddy - kisuta.com


