Ninggang Wayah Salah Mangsa
Manéhna. Nu ngawitan tepang ukur jempé. Nyimpékeun rasa. Mindingan talapak mangsa. Nutupan tapak baréto. Tungtungna kabudal ogé. Basa paadu teuteup. Rék silih antelkeun. Sur napsu ngempur. Ser getih nganteur. Ngan teu
tuluy. Ukur hégak nu sasora. Rumegag.
Teu lila ujug-ujug nyarita. “Néng, antosan mangsana, tungguan wayahna.” Ti harita. Taun-taun. Windu-windu. Manéhna nyorang mangsa, bedas lalana. Horéng lain teu genah ku paanggang, tapi kalangkang nu teu karep nembongan. Dipirasa, dipiaya duka kamana. Didongdon teu ngapinaon. Dipiéta teu cumarita. Tapi da angger rasa mah dirarasa. Ngabeulit pageuh. Ngajiret. Ngurawed. Udar sotéh satas kapaksa narima gantina.
Matak karasa reuwasna, basa cikénéh nampa sms ti manéhna. Dumadak saheulaan kumalayang. Mapayan raratan panineungan. Ngahudang mangsa katukang. Teu lila hapé nyoraan. Beuki tarik. Sorana nembus jajantung. Ditutur keclak panungtung. Sabot juru rias ngusap cirambay, pesen nu dikirim keur dibaca. “Hapunten kang, bongan ninggang wayah salah mangsa.”* Jajang Arohmana - kisuta.com


