Romadon Katompérnakeun
"Mah, wios bocor? Teu kiat, hoyong eueut." Matuh. Saban wayah kieu. Manéhna. Sok waléh. Ménta idin batal puasa. "Duh, lebar teuing, Geulis. Sing kiat nya. Kantun dua jam deui pira gé." Ngabeberah. Manéhna unggeuk. "Bobokeun wé.
Lebar. Dinten panungtung. Kapan énjing lebaran. Tuh, acuk lebaranna gé meni sababaraha setél Neulis mah. Hadiah ti wargi-wargi. Da pinter. Saumna tamat." Aya kalangkang bagja dina pameunteuna. Sarimbag jeung kareueus nu ngabebela dina ieu dada. Enya. Reueus boga budak sholeh. Karék genep taun, geus tamat puasa sabulan campleng. Najan saumurna can kasimbeuh deudeuh nu jadi bapa. Manéhna. Ngaléos ka enggon. Rék saré bari nungguan bedug. Deker deui. Nuluykeun popolah. Pesenan tatangga jeung baraya. Lumayan. Aya jang bekel hirup satutas lebaran. "Alhamdulillaah..." Popolah réngsé. Aweuhan magrib ngalanglaung ti saban masigit. Gura-giru. Muru enggon. "Neulis, geura gugah! Geura buka, Bageur! Sanés palay eueut?" Teu ngawaro. Awakna diguyah-guyah. Jerit. Awak budak oyag kabéh.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


