Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kebon Awi 10

Minggu, 11 Agustus 2013

TADINA mah embung némbongkeun kasedih dilongok ku lanceuk ipar téh. “Séhat, Jang?” ceuk manéhna. Kuring ukur unggeuk. Tisu nu disodorkeun ku manéhna ku kuring dipaké nyusut juru panon. “Iraha cenah sidangna? Keun ku Tétéh dibaturan.”
“Ari saur sipir mah tabuh 10-an,” témbal téh. Manéhna nyodorkeun tisu deui. Kuring teu kuat, hayang balaka ka manéhna. “Hampura, Téh… Si Kaka kudu ajal di leungeun abdi. Naon ngaranna adi nu maténi lanceuk sorangan, bari ukur marebutkeun kebon awi warisan nu teu pira legana. Hampura abdi....”
Tétéh tungkul, tapi tuluy nyengkatkeun deui rarayna. Témbong rambisak. Pokna, “Saéstuna Tétéh hayang nganuhunkeun. Mun Si Kaka kumelendang kénéh, kudu sabaraha taun deui Tétéh kasiksa batin. Disalingkuhan, dicacampah, dimumurah. Mabok teu apal wayah,” manéhna nyelang nyusut cimata. “Tétéh rék nungguan Ujang, kajeun puluh-puluh taun ogé. Kajeun tétéh kudu mendem sono unggal peuting...”* Darpan A Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya