Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Si Manis

Minggu, 11 Agustus 2013

ANTARA percaya jeung henteu. Kuring laksana bisa ngapimilik Si Rebo, munding jalu anu dunungan. Malahan, sawah anu biasa diparo, ditambah kebon anu sacangkéwok diléngkob pasir bandéra. Ayeuna sah jadi milik kuring. Teu gaplah geuning miara manéh téh Manis. Buktina. Dunungan kuring tepi ka tohtohan wani tukeur ku sabagian pakayana, pikeun mibanda diri manéh. Hampura Manis, lain kuring teu nyaah jeung enggeus teu resep ka manéh. Sing rido wé Manis. Manéh bakal pindah ngadunungan, malah kurung anyarna geus siap jeung leuwih alus ti nu ayeuna. Pasti bakal betah jeung tambah hadé geura sora téh, sabab cicing dinu ahli ngurus manuk titiran. Brak. Suku ampir katénggor sapu nyéré. Si Mawat ngabecir. Ronghéap Pamajikan bari ngajorowok, “Ucing goblok, bangkawarah kawas tara dibéré baranghakan waé siah! Tah Kang, Si Manis ditekuk pundukna ku Si Mawat tepi ka paéh. “cék Pamajikan nyampeurkeun Kuring nu keur nyangcang Si Rebo dina tangkal nangka. Gidid kuring muru ka tukang imah. Bréh, kurung rangsak. Di jerona. Si Manis katempo ngaringkuk teu empés-empés.*  Kang Ismaya - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya