Peuting Lebaran
RANDEG. Kandeg deui. Teu kaur laju. Haben rundag-randeg. Hulang-huleng. Tuluy rumahuh. Ngaderes bangbaluh. Galindeng takbir. Ajrih nurihan ati. "Kumaha mun keukeuh teu maliré?" Gerentes haté. Sabil. Sora takbir. Mingkin rosa
nyasaak rasa. "Enya. Gedé dosa téh." Karumasa. Daria ngajajah bayah. Ngajajah wayah. Nataan kalangkang dosa. Basa indit tan amitan. Ninggalkeun nu keur bureuyeung. "Meujeuh mun manéhna langgeng nyidem kaceuceub." Leumpang deui. Najan semu rumegag. Nu takbir mingkin réang. Awor jeung séahna jaladri jero dada. "Percumah didatangan gé. Da moal ngahampura." Rengkog deui. Mandeg mayong. "Malah moal nemonan-nemonan acan. Kawas sasari." Aweuhan takbir. Patémbalan jeung sora dulag. Ngalanglaung. Sawirahma jeung ketug jajantung. "Tapi, kumaha mun lebaran ayeuna téh...?" Leumpang deui. Beuki gancang. Beuki marudah. Jog. Ka nu dijugjug. Beuki ratug. "Kang...!” Dina lawang. Manéhna mapag ku imut. “Alhamdulillah, urang tepang deui. Sanaos henteu jeung Si Nyai.” Rét ka patengahan. Aya budak awéwé. Sarimbag jeung manéhna. Ngageuri. Nyeungceurikan layon indungna.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


