Hadéna Dibéré Gering
KALANGGENGAN. Markas Dénsus 86. Anti Ngarasula. Mesin fax medalkeun Surat Paréntah Operasi. Katarima. Komandan kompi geuwat méré iber ka anggota reguna. Luyu jeung kaahlianana séwang-séwangan.
“Tugas anjeun nyokot napsu daharna!”
“Siap.., Dan!” saregep.
“Bagéan anjeun nyengker rijkina!”
“Siap.., Dan!” ngahurmat.
“Anjeun ngiwat kabéaran budi parangina!”
“Siap.., Dan!” sikep sampurna.
“Jeung anjeun nu pamungkas. Cokot dosa-dosana!”
“Siap.., Dan! Laksanakeun.” Sasalaman. Muter balik. Opatan tarurun ka dunya. Cug-ceg nyocokotan nu sakumaha diparéntahkeun.
“Lapor. Tugas tos réngsé!”
“Ditarima. Talingakeun! Tunggu paréntah satuluyna!”
“Siap..!”
Nu kadatangan. Dumadakan kalaraan. Ngalempréh. Didoja ku gering parna. Gulinggasahan. Tapi manéhna teu peunggas harepan. Terus uubar dibarung dunga nu taya petotna. Tumarima. Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan.
Cunduk waktuna. Ujian wekasan. Paréntah tiba. Komandan narima wangsit. Ngandika ka opat pasukanana, “Iwalkeun dosana! Pulangkeun kabéh nu tilu, laksanakeun!”
“Siap.., Dan!” sung-song mulangkeun banda ka nu bogana. Nu didoja ngajanggélék. Walagri sabihari. Rucita leuwih ti mistina.* Mulyana SA - kisuta.com


