Sastra & Humor
Fikmin
Sapanjang Jalan Talaga Bodas
Senin, 12 Agustus 2013
JAM satengah tujuh peuting. Di jero angkot pulas biru. Panon beueus. Tapak haté nu geus peupeus.
Hareupeun aya wanoja. Sigana 16 taunan. Maké saragam kénéh. Duh, erokna bet jadi eunteung tina ieu rasa tineung.
Kulawu, lir méga nu tadi leungiteun panonpoéna.
Rét, panon dipake newak deui tungtung beungeutna. Aya nu nyentug kana sela-sela dada lebah kénca. Naha biwirna bet mirupa manglaksa peueut nu aya dina carita-carita nu geus sirna?
"Punten, ngiring ngalangkung." eunteung ngahiang. Tapi kalangkangna mah teu ilang.
"Mangga...." werat ngaleupaskeunana.
Di jero angkot pulas biru. Lebah tukang. Nyorangan. Niupan kaca. Ngotrétkeun hiji ngaran. Dipupus deui.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


