Dunya Maya
KURING mikmin. Indung barudak efbean. Aya re-uni esempean cenah, manehna jadi panitia. Leuh, ku sararibuk nya. Kuring uplek ngomentaran fikmin, sura-seuri. Cuh cih, pabeulit jeung ngajawab email, ngabandungan chatting, HP
ngagoler deukeut cangkir. Pinuh cikopi. Pamajikan kitu deui, sakapeung nyikikik, dua kapeung nyakakak. Tilu kapeung, ngabetem. Kaopatna ka dapur ngadon nginum. Kuring mah kaluar, ka buruan ngadon ngaroko. Ngelepus, sakebuleun dua.
Meja makan tengah imah. Pamajikan di kenca, kuring di katuhu. Lima puluh senti jarak bujur. Opat puluh senti jarak siku. Dina korsi panjang diuk babarengan teh. Kuring make notebook. Manehna netbook. Si cikal na meja belajar, make PC, keur ngetik tugas kuliah. Di juru kamar. Genep ka genep meter kamar teh. Tugas, kudu siap isuk, cenah. Sarua serieus, neuteup monitor. Masing-masing. Kalan-kalan silih tanya.
Di jaman dunya maya, hirup teh amat beda. Amat. Tilu jelema di hiji kamar, hirup na dunya masing-masing. Jam-jaman. Dikumpulkeun poean. Dibuntel-kadutkeun taunan.* Wawan Setiawan Husin - kisuta.com


