Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Taman

Selasa, 13 Agustus 2013

RUPA-RUPA kembang nu ditata asri. Hebras warna-warni paselang jeung aster. Disarigsig ku kembang ros matak seger. Pager hirup baruntas kaselapan tangkal malati nu mangkak karembangan. Bodas, nyacas, nyambuang seungitna sapatamanan.
Bada subuh saabrulan barudak paboro-boro muru taman. Ribut. Pada hayang tiheula. Poho kana wiwaha. Aya nu kasuntrungkeun, kasiku atawa katajong. Sarerea jongjon moro kembang, anteng ku seungitna. Nyeri, cape, sakapeung rada keueung teu dipirosea.
Bray ... panonpoe geus nembongan. Duha. Geuning keur aya di taman nu mangrupa sabagian tina taman sawarga. Kuring jadi salah sahiji nu keur sumegruk bari nyuuh dina amparan karpet bodas.(Panineungan)* Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya