Sastra & Humor
Fikmin
Pérah
Rabu, 14 Agustus 2013
BEDOG dibalikeun. Nangkarak, disasar ku tungtung ramo. Geregel. Kurang! Masih nyeri, srek deui diasah. Dibulak-balik. Cur cai, campur késang jeung cimata. Simpreng-simpreng. Sababaraha lambar buuk geus ngalayang. Tah, meujeuh sakieu mah.
Bedog diabar sajajalan. Gugurilapan, antara kalangkang sorangan jeung morérét mata poé . Kolot budak buriak, tingjorowok. "Awas euy, nyingkah. Bisi kabarérang." "Wah! Édan ayeuna mah. Awas, geus kausap sétan." Panon beureum, rénghap- ranjug. Jedak! Panto imah ditajong, kasampak manéhna paduduaan, dina sofa. Teuing jeung saha, ngan béda jeung nu ku si Aa diharéwoskeun. Basa kamari. Bedog dialungkeun kahareupeunana. Paéhan aing! Sakalian.* Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


