Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

A De Charge

Rabu, 14 Agustus 2013

"KOP bae hakan sakadang maung, da manehna ge tara mulang tarima. Buktina uing, geus kolot mah dibalangkeun ka walungan, padahal kurang kumaha babakti ka manusa teh. Dibelaan kulit nepi ka ruksak nahan panasna cai ngagolak sangkan jadi sangu asak,"tembal aseupan butut nu ngoleab di walungan basa dipentaan kamandangna ku manusa nu rek dikerekeb maung nu ditulunganana. Geus tiluan nu sapagodos jeung aseupan. Pondok pangharepan Ki Silah baris aya nu haat ngabela.
Barang rek gep pisan maung lapar newek punduk si jalma, "Heup...!Heup...! Aya naon ieu teh asa pikahariwangeun ?" Peucang datang taya nu nangenan. Derekdek lalakon diguar.
"Kieu bae atuh, sangkan jelas hayu urang ka TKP. Reka ulang nu karandapan. Ngarah adil," sakadang peucang niru-niru hakim.
"Tah kieu pa hakim kajadianana teh, .....!" Ki Silah nyarita bari dederegeng mindahkeun tangkal nu rungkad sina nindihan deui beuteung maung nu humarurung.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya