Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ki

Rabu, 14 Agustus 2013

PRAK..! Leungeun ngadadak jegang. Iteuk hoé leupas tina keupeulan. Can gé ngiceup. Habek, sirah dipepeg. Dumadakan béntang baranang tengah poé éréng-éréngan. Ranyay. Laju poék. Poék. Saterusna beungeut manéhna nu ngadungkuk luhureun sirah. Manusa lain, manuk lain. Hulu euweuh ceulian. Bulu minuhan awak. Papatukna beureum euceuy. Hihideung mata bolotot buleud, ngawaskeun.
“Hudang, Nyai!” omongna ngosom. Ngusap tonggong. Karasa hawa haneut nyusup balung. Méméh cengkat, uyup-ayap néangan iteuk. Prak..! Iteuk nu karék kacekel congona ku manéhna dikenyang. Prak..! Iteuk ancur, muruluk. Hemeng. Kudu kumaha nya pipetaeun. Teu hadé serah bongkokan.
“Semet ayeuna ka hareup, teu kudu maké andelan kitu patut. Mikir, Nyai, mikir..! Pan éta sirah lain pajangan!” pokna deui bari hiber. Clé, na tangkal kiara.
“Mangga, Ki Guru, diestukeun.” Ajeg panceg dina kuda-kuda. Siap-siap narima serangan deui ti manéhna nu teuing tepi ka iraha.* Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya