Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bélapati

Kamis, 15 Agustus 2013

ANGIN laut sumedeng leler. Tonggong lambak nyurung alon parahuna. Parahu téh teu burung nyisi. Lambak laju amitan deui. Kolényay. Bitis nu sapulas jeung warna kikisik. Dibeulit samping nu tungtungna rarangsak. Lir méré tangara ka unggal jalma. Nu kakara anjog ka basisir éta. Tua Kampung lumpat muru pangheulana. Dituturkeun ku buriakna jalma nu tuluy ngariung lalajo babandang. Nu dipapagkeun téh kawas nu embung maliré. Kalah jongjon memérés buukna. Memener liglag kabayana. Kop, kana pangwelah. Koréléng, nyampeurkeun ka nu keur rarajeg di satukangeun parahuna. Tua Kampung pipilueun olohok. Méh wé poho ka nu dénok. Dina sesela taktak nu lalajo, panonna manco. Lauk Hiu. Keur nambru. Badagna nanding parahu. Nu kumecrék jeung tinggerendeng, awor ti kénca jeung katuhu. Tua Kampung ngarénjag, basa karasa aya nu ngabadug bitisna. Disusul tepus ku halimpuna sora.
“Hayoh geura bedél, Amang! Sugan aya kénéh sésana. Malar kami teu panasaran, mangsa nyorang rarandaan.”* Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya