Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Istrina Sohabat Nabi

Jumat, 16 Agustus 2013

KEUR geulis. Tambih pinter nyugemakeun nu janten carogé, anu nembé mulih nyaba tebih. Wengi éta. Carogéna, dirungrum ku madu trésnana, dugi lautan birahi nu lawas ka luli-luli. Ngagalura deui, sapertos nuju oléng panganténan.
Énjingna. Istri raspati téh, tumaros ka carogéna. “Ang. Pami urang katitipan hiji barang. Teras éta barang téh, dipundut deui ku anu gaduhna. Kedah kumaha sikep abdi?” Carogéna gumujeng. Kayungyun ku pertarosan bojo nu dipicintana. “Urang kedah ihlas atuh, Enung,” laju dirangkul, teras diambung taarna.
Ngadangu kasauran carogéna. Manahna nu sumelang ka carogéna, teger deui. “Alhamdulillahirobbil'alamin. Ang. Putra urang dinten kamari, parantos dipundut deui ku anu gaduhna.” Saur Istri geulis téh. Laju muka pangkéng putrana, anu katingali sapertos nuju kulem. “Innalillahi Wainalilahi Rojiun.” Halon kasauran carogéna. Cisocana. Beueus.* Kang Ismaya - kisuta.com

(Dicutat tina Torékh Sahabat Nabi)


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya