Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jodo

Jumat, 16 Agustus 2013

AYA bagja. Carita asih bisa ngabukti sanajan kudu ngaliwatan heula mangpirang jalan liliwatan nu pinuh ku jungkrang jeung péngkolan.
Masih atra na panineungan basa munggaran wawanohan jaman sakola di SMA, paamprok handapeun tangkal pineus nu daunna mayak ngadadamparan titincakan.
“Uihna kamana...?” sorana teu pati tatag.
“Ka Babakan....!” halon.
“Bilih badé sareng....sakantenan?” pinuh pangharepan.
“Wios ah, da badé sareng réréncangan...!” bari ngaléos, kabeneran rentang-rentang aya Farhan, kaka kelas anu imahna padeukeut pisan, jadi bisa milu balik kana motorna sakalian.
Atra, kumaha beubeungeutan manéhna harita. Teu kungsi panggih deui, nepika ditepungkeun ku babaturan sakelas basa kuliah tingkat tilu, anu ngahaja nganjang basa peré semésteran. Masih teu bisa kebat, carita asih kapegat ku jarak nu mungkas sagalana.
Aya jodo pakokolot, bet kabiruyungan ngadahup najan umur manjing tungtung, ngala bagja na umur sésa sanajan sakolépatan. Cacap kapanasaran, manéhna miang mawa kabagja ka kalanggengan, ninggalkeun sakeclak cimata nu kandeg bareng rénghap nu panungtungan. Pileuleuyan!* Zulaikha Sobana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya