Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Agustusan

Jumat, 16 Agustus 2013

1/

Milangkala nagara urang

dibagéakeun ku ranggeuyan malati jeung seuseukeut balati

nu ngabarak sapanjang jalan satapak

nu ngembat tepi ka pajaratan

2/

Aya anjing paungku-ungku jeung ucing

nyeungceurikan bugang bagong

nu palastra na tungtung kasarakahan beurit

3/

Aya abringan bedil nu burial buncelik

ngudag-ngudag dalang rajapati

atawa tukang korupsi

nu nyamuni jero lomari,

satukangeun jas dokter

atawa ngencar ka peuntas nagri.

4/

Aya aweuhan bangingik rampak ceurik

Alatan peujit murilit, alatan teu bisa nyiar duit,

alatan teu boga ijasah, alatan taya waragad sakola

alatan indung bapana sangsara

5/

Aya tukang korupsi nu sukaseuri

da téréh ngencar ti bui

da meunang rémisi najan bari teu kaharti

da ka nu maling sapi mah geuning teu nepi

6/

Aya nu ragég silih ségag

parebut hancengan jadi malékat

pikeun nyalametkeun belis nu kacerek aparat

sawaréh naker tanaga ngagogogan aparat

7/

Milangkala nagara urang

diramékeun ku pangagung nu silih suntrung,

silih tundung bari paciwit-ciwit lutung

8/

Milangkala nagara urang,

milang sésa rénghap nu nyelap dina unggal réngkak.

KARUMASA

bari jeung semu rumengkog, anjeun ngabedah

karumasa nu mangpirang purnama nayeum

na kokobak rasa

sakeclak

sakeclak

ungkara-ungkara dumareuda nyikaracak

tina seuseukeut teuteup

patémbalan jeung haréwos impian

nu ngalakay kabawa angin

peuting teu leungiteun jempling

najan jaladri séah na dada

silih sigeung jeung kikisik ati

nu ngampar sapanjang basisir pikir

basa anjeun ngabedah kacua

ka sakadang tresna nu teu daék ingkah tina manah

ka sakadang sono nu pogot ngaléndotan

ka sakadang asih nu mingkin tigin

ka sakadang tineung nu kari bangkarakna

kapan geus parat anjeun nirukkeun asih kana galeuh ati

mangkeluk cidra kumelendang kénéh geuning

ngagorogotan sajak-sajak romantis

jadi haréwos-haréwos érotis

ngaririwaan angen-angen jeung sirung

harepan nu kakara renung

ngagadabah kasatiaan

nyésakeun amarah nu ngagolak na kongkolak otak

Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya