Srangéngé di Bulan Syawal
PULUHAN taun ninggalkeun lembur. Aya kapeurih nu ngajurung laku ingkah ti sarakan. Pikiran ngacacang deui ti mangsa ka mangsa. Ayeuna kuring mulang, sanajan bari honcéwang. Ngahaja lebaran di lembur. Geuning angger
sagalana. Gigireun imah, sawah ngaplak jiga baheula. Imah kolot taya robahna, angger liuh. Hareupeunana, aya kénéh balong nu dipelakan guramé.
Jalan ka lembur tacan diaspal. Euweuh angkot. Ukur ojég minangka sarana tranportasina. Ngahaja balik téh peuting-peuting, dina maleman takbiran. Gedé kénéh kahariwang, sieun papanggihan.
Umur geus cueut ka hareup, ngolotan. Rarabi ngan sakadar sawangan, teu boga niat. Urut bohak na haté gudawang kénéh. Teu wasa nyageurkeunana.
"Kang..!" aya sora tukangeun. Anéh, pan kuring téh nyorangan. Boa ngan dédéngéan wungkul, teu dilieuk. Opat jam nyingkur di makam Abah. "Geura uih saur Ema!" bari noél kana taktak, dilieuk. "Onéng?!" ceuk kuring, kagét. Hariring asih nu kungsi leungit, ngadadak daratang deui...* Irman N Dimyatié - kisuta.com


