Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Haseup Awéwéna

Sabtu, 17 Agustus 2013

SEREBUNG haseup roko tina biwir kuring anu dimanyun-mayun. Haseup roko gutak-gitek. Nyéh kuring seuri, teu nyoara. Serebung deui, langéor. Jiga mojang angkat ka pancuran bari ngélék boboko. Kuring mencrong, kasima. Beuki lila haseup roko beuki ipis, terus ngaleungit nyumput dina sela-sela daun haur. Aya rasa keuheul pacampur jeung panasaran.
Serebung deui haseup kaluar tina sungut kuring. Nampeu teu jauh ti beungeut kuring. Kulat-kelét ngajak padeukeut. Ragamang leungeun kuring nyangkéh nu ngelétan. Haseup mancawura, teu puguh bentukna. Nu kulat-kelét, napel léngkét-maskét na implengan.
Roko dikenyot deui... “Jadol..... goblog siah, panas...!!!!”* Ki Lalat Socrates - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya