Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cau Ambon

Sabtu, 17 Agustus 2013

NYI Unéh baketut. Baku Ema mah ari geus sagala teu meunang téh. Hayang tunggir hayam, ulah. Hayang cau ambon, ulah. Parawan mah kudu apik, paribasa éta téh. Lah, da uing gé nyaho éta kadaharan nu ngeunah wungkul, Ema embung kasoro. Aya indung kitu patut. Nyi Uneh kukulutus bari dulak-dilak ka indungna. Haténa keun siah-keun siah.
Ma Isah ceurik lolongséran, nyeungceurikan anakna nu bieu babalongkéngan Utah-utahan. Sedeng nyi Unéh tungkul di juru bari cirambayan, leungeunna nikel-nikel tungtung bajuna. “Da sia mah teu beunang dipapatahan ku aing téh, Unééhh!!”, Ma Isah kokowowongan. Nyi Unéh teu nembalan ngan haténa gegelendeng. Kang Kurdi nu kitu téa mah, uing mah ngan hayang ngasaan wungkul, sakali gé cukup padahal. Banget panasaran kumaha rasana cau ambon téh. Ari ieu kalah hayoh, unggal panggih diasong-asong. Tapi da heu'euh ngeunah cau ambon téh, ngan teu nyangka aya épék sampingna. Paingan Ema kacida ngahulagna.* Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya