Nu Nyelap Na Kamus Sunda
JALANNA mah manéhna nanyakeun harti kecap "widadari". Kuring ngarongkong kamus dina erak buku. Geus kebul. Imah parongpong aya tilu bulanna. Ramat lancah patingjuranteng. Manéhna imut bari maca keretas salambar nu diasongkeun ku
kuring. Manéhna tuluy alak-ilik ka sabudeureun imah. "Sakawitna badé dikontrakkeun, tapi lebar da asa hoyong ngalebetan deui. Mung sareng saha?" pok téh. Manéhna ngajanteng hareupeun lukisan kartun gambar kuring nu ngelemeng kacaangan lampu bohlam lima watt. "Piraku taya nu ngangken," témbalna. Kuring ngarawél deui keretas nu tadi dibikeun ka manéhna. Trét deui nulis, "Manawi salira purun...". Song deui. Angger imut. Tapi manéhna kalah tuluy nyelapkeun éta keretas dina kamus, persis dina kaca nu nerangkeun éntri widadari. Manéhna undur, jangjangna ligar, cahaya ngagebur tina bulu-buluna nu bodas nyacas. Sampiung, ngaliwatan jandéla nu hibar ku purnama.* Darpan A Winangun - kisuta.com


