Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Guru Galak!

Minggu, 18 Agustus 2013

HARITA, di SMA negeri nu aya di Jalan Cihampelas, aya guru basa Inggris nu galak pisan. Malahmah, ku murid-murid sa sakola, Ibu Gini katelah "The maung". Nu nyieun murid-murid geuleuheun pisan ka si ibu teh, pedah si ibu sering pisan mere kuis ka barudak. Ma'lum, pangajaran basa inggris teh kabeneran sa'acan jam istirahat jeung jam terakhir sa'acan bubaran sakola. Jadi weh, barudak teh ngarasa waktuna sering kacoceng gara-gara dites heula ku si ibu.

Poe ieu, bu Gini ngajar di kelas nu muridna baraong pisan. Teu awewe, teu lalaki, sarua borokokokna.
"Jiga biasana, Ibu ayeuna rék ngetést maranéh ihwal irregular verb. Nu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula! O.K?," ceuk bu Gini sabari nulak cangkeng. "Ngan..., nu teu bisa, kudu nangtung di hareup kelas nepi ka ibu kaluar ti sakola," pok bu Gini nuluykeun omongannana nu can rengse. Puguh we, barudak teh langsung sidakep balem.

"Gilang, sok sebutkeun contona irregular verb," Si Ibu nanya bari nunjuk make jidar.
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak," ceuk gilang ngawaler.
"Alus. Sok Gilang kenging kaluar. Ayeuna...ibu rek nanya ka budak nu sok heureuy wae, Cikan Aron!", ceuk Bu Gini nunjuk ka Si Aron.
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR," pok Aron ngajawab.
"Maneh nangtung dihareup Ron! Ayeuna Tupeh!," ceuk Bu Gini bari ningali kertas absen.
"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu dibere duit ku bapa."
"Nangtung di hareup! Lia!"
"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Si Tupeh bu."
"Lia Nangtung di hareup! Athur!"
"Dar - dér - dor, hartosna perang Israel sareng Paléstina."
"Nangtung di hareup Thur! Lucky!"
"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés kamar di bumi."
"Teu eucreug! Jaba ge tong sok ngabohong, manéh mah kedul, boro-boro bébérés. Nangtung di hareup! Une!"
"Blag - blig - blug, hartosna si Dedi Buta diajar leumpang."
"Teu baraleg, teu uyahan! Nangtung di hareup Une! Beni! "
"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan."
"Nangtung dihareup! Emon! "
"Plak - plék - plok, hartosna bararahé."
"Meni réhé nya? Nangtung di hareup! Mira! "
"Cas - cis - cus, hartosna nyarioskeun batur."
"Meni baralegug nya? Nangtung di hareup Mir! Dimas!"

Si Dimas téh budak nu geumpeuran, titadi geus ngahodhod kesangan sieuneun ditanya ku si ibu. Bakating ku geumpeur, ari Duuuuut .... téh si Dimas hitut!

Saha eta? Maneh Dimas?," ceuk Bu Gini bendu. Si Ibu mimiti ngarasa ngambeu bau nu aneh di rohangan kelas.
"Muhun bu. Brat - brét - brot...," ceuk si Dimas sabari leungeunna ngacung.
"Ayeuna, ...Kaluaaaaar kabeeeeeehhh!," bu Gini ngagorowok sabari nutupan irung.* Nada Ahmad - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya