Buuk
Diréka-réka, dimodél-modél nuturkeun jaman. Dicét warna-warni. Dikreul. Rebounding. Make jambul, rancung. Teu di awéwé teu di lalaki. Enya buuk! Makuta pikeun awéwé mah. Makuta téa kudu diruwat, dirawat, dipusti-pusti. Sainget,
buuk kuring mah panjang. Sacangkéng. Remen ogé nepi kana bujur. Pédah buuk kuring mah gomplok jeung meles hideung. Jaman sakola mah, sok diuntun dua buuk téh. Asa boga buuk pondok. Sataktak. Sabada ngalahirkeun Si Cikal, kakara dipondokkeun buuk téh. Hareudang, ongkoh murudul. Ti harita jadi resep boga buuk pondok. Kabéhdieunakeun huis patingpucunghul. Dicét hideung wé. Basa aya tatangga anyar pindah, Kuring kabita nempo buukna nu diwarnaan saulas-saulas. "Haighligh". Nya dicobaan dibeureuman saulas-saulas. Lah kagok asong, kabéh wé dicét bereum. Pas ngeunteung, reuwas. Jadi jegjreg buuk téh. Kawas injuk. Mana isuk ka ondangan deuih. "Pap, tinggal geura rambut Mamah!" Salaki nyampeurkeun ti kamar. Ngaharéwos, "Dijilbab geura, Mah! Nambihan geulis sareng anggun...!" Rap kudung dipaké. Alloh mah wenang. Saharita pikiran kabuka.* Rini Mayasari - kisuta.com


