Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kalangkang Diri 7

Senin, 19 Agustus 2013

BUDAK leutik bisa ngapung, ngapungna ka awang-awang, néangan nu pait-pait, sabangsaning jamu asih, nu ngoléang muguran ti langit nu reunceum bentang. Aki Tibra ngaguyahkeun si Kalangkang, ngajenggutan buukna. Ngahariring,”… ku éndah ieu peuting nu jempling,, uing rék ngajomantara na mega malang, nyiapkeun katumbiri ngajamparing. Nini Tingal ngawalon, “… weuh aki-aki tujuh mulud. Rek neangan nu leungit? Kumaha pibasaeunana, ngajak umajak si Sujang nu ukur kalangkang. Kalangkang nu kumelendang….” pokna. “Beuh Nini Tingal, pan anjeun gé nyaho, kalangkang kudu diaping, dibawa ka Sunda wenang, wening asih, bongan clakna sampurna…”. Nini némbalan,”… ja heuheuh ogé nyah, beda alam di kahayang, beda alum di kaembung, disieupeun ku alim ngotektak asal….” Nini ngabiur ngaleungit na jero petengna peuting. Sakilat birat. “Sujaaang, geura hudang. Bok bisi kamalinaan. Can karuhan sia bakal panjang léngkah, da nu kamari mah geus lawas. Geus jadi gegedoh dongéng. Ngerak di basisir dangding, Aki Tibra, ngusapan taar si Sujang.
Kalangkang nguniang.* Wawan Setiawan Husin - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya