Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Obituari

Senin, 19 Agustus 2013

SUGAN téh moal lita. Sakitu gedéna kacinta keur manéhna. Taya dunya kinasihan. Anjeun ngabulaéh nyieun jangji moal cidra udar subaya. Horéng unggal usik ngadagangkeun cinta. Balilihan asa dikakaya. Mulan-malén diulinkeun rasa. Ditagenan, pédah bogoh kacida. Awak ngayakas, haté rajét. Minggu kamari, disaksian lambak nu motah. Anjeun dikubur dina palung laut pangjerona. Moal balik deui najan ukur ririwana. Cacap. Hirup kudu ngaguluyur deui. Reuwas kacida, basa ningali dina koran poé ieu ngaran anjeun ngajareblag, minuhan kolom Bela Sungkawa.*  Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya