Sangkakala
Manéhna samar polah basa neuleu kalakuan manusa di alam dunya. “Teu euih-euih. Angger baé malincrak. Padahal teu sakuduna!” Gegerendeng.
“Lain teu meunang suka bungah tapi ulah kaleuleuwihi wé, sebel aingah nénjona gé. Malah ngaléléwé niup tarompét sakarepna!” Bari meresihan nu racleng tina cepilna. Balaréa campuh. Campur baur. Majar mapag taun baru. Padahal angger baé mintonkeun kamonésan kajahiliyahan.
Kalanggengan keur liburan, sarua kos di dunya. Kusabab napsu disengker, karasan angger salancar. Taun baru di Kalanggengan dieusi kagiatan nyaliksik diri. Pamilonna ti sakaéh alam. Parengkuh dina ngagem agamana, bari terus ngaronjatkeun karancagéan ibadahna. Rét ka manusa nu dipercaya jadi khalifah. Loba awuntah. Gemes ku kalakuanana.
“Sok hayang buburu niup sangkakala, najan engkéna bareng perlaya. Tapi masih aya kénéh nu saroléh, pameper bebendon Gusti!” Bari ngencagkeun deui tarompétna. Nu sorana jadi cicirén wekasanana carita dunya.* Mulyana SA - kisuta.com


