Ora Ét Labora
KU teu karasa, mancén gawé téh geus dua puluh taun. Ngeureuyeuh. Najan pagawé biasa. Nu penting bisa nyumponan pangabutuh sapopoé. Sakapeung teu nyukupan. Da enya atuh. Ngarumah tangga, boga anak tilu. Lain béayaeun
saeutik. Kapaksa migawé nu séjén. Bisnis. Tangtu waé di luareun jam kantor. Hasilna, mucekil. Leuwih gedé batan gajih ti kantor.
“Mun ngandelkeun beubeunangan ti kantor mah, iraha bakal boga gedong, manghéktar kebon, jeung mobil. Boa, barudak gé moal anggeus sakolana téh,” gerentesna.
Taun ka dua puluh hiji. “Lain, ari Si Gobér téh bisnis naon, nya? Cik, paluruh asal-muasal hartana! Bisi ladang di luareun aturan!” ceuk atasanana ka Unit Étik. Saminggu. “Bisnisna mah jual-beuli oli urut. Asétna milyaran. Nilik absén, tara bolos. Euweuh indikasi méngpar tina aturan. Mungguh murni bisnis.”
“Tapi, pagawé di dieu mah teu meunang bisnis! Calukan Si Gobér!”
Bulan hareupna. Atasanana boga apartemén. Mobil nambahan jadi opat. Ogé boga kebon binatang.* Rameli Agam - kisuta.com


