Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Sinangling di Wiati

Selasa, 20 Agustus 2013

TINGBELESAT. Meulah méga. Ngajaul ka alak paul. Ganti poé mingkin gedé. Mangrupa buleudan cahaya, mangjuta-juta. Patingkaretip. Kumalayang di jagat wiati. Gumulung antara bulan jeung béntang. Hasil ibadah mangjuta jiwa. Manjing wancina, museur di hareupeun hiji gapura emas nu ditarétés inten berlian. Gapura. Hurung mancur. Nyaangan sabudeureunna. Buleudan-buleudan cahaya, ngajéjér rapih. Nganti. Ngantri.
Maleman lebaran. Takbir ngageder. Aweuhanna sumebar ka satungkebing langit. “Allaahuakbar…, Allaahuakbar…, Allaahuakbar walillaahilham…” Bray. Lawang gapura ngabuka. Nyambuangkeun dalingding wawangi, nyumiratkeun cahya dumeling. Nu ngantri gugurilapan. Bareng jeung gumeterna ijab qabul, buleudan cahaya peuray. Hiji-hiji. Ngajanggélék ngajaradi nonoman. Nu jajaka, kasép kabina-bina. Diraksukan karajaan, dipasieup makuta. Nu wanoja, geulis kawanti-wanti. Badis praméswari. Cicirén, maranéhna geus nyangking kasampurnaan. Ngabaris. Meuntas gapura, mapay-mapay katumbiri. Ngajugjug patempatan nu éndah taya papadana.
Srangéngé meleték, lawang gapura nutup. Lalaunan. Rékép, mangsa shalat iéd dimimitian. Aya nu ngabangingik. Teu bisa asup. “Anjeun teu disampurnakeun ku nu miwenang, wayahna anjeun ngawang-ngawang.” Hiji sora, handaruan.* Eboed Eman Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya