Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Potrét

Selasa, 20 Agustus 2013

Potrét-potrét tinggarantung dina bilik

hideung-bodas

rumeuk tur geus pias.

Dina sorot lampu 15 watt

aya pajuang dikaméja drill, nyoléndang bedil

panonna seukeut, neuteup ka jauhna.

Tah, éta potrét Bapa

jaman révolusi

saminggu méméh perlaya dipergasa barisan musuh

sabulan méméh Indonésia merdéka.

Dina potrét nu sawaréhna deui:

nu itu Uyut, nu ieu Éyang

Duanana ngan jadi katineung

mangsa jaman geus merdéka.

Luhureun bufét jati, potrét Ema dipiguraan tripléks

rambutna panjang ngarumbay

dicindung karémbong pias

pameunteuna nyari tur hégar

béda jeung mangsa ayeuna:

rambutna cetuk ku huis

socana sipit, cidet ku kakolotan

taarna pinuh ku guratan pangalaman hirup.

Teuing geus sabaraha kali 17 Agustus

potrét téh ngajarubleg saendeng-endengna.

Ayeuna,

potrét téh kari wujudna

rumeuk tur geus pias

teu nyarita, tapi réa cumarita

ngeunaan hirup mangsa lawas

mangsa kamerdékaan ngan bisa ditebus

ku harga sakésétan nyawa.

17 Agustus 1993 

 

Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya