Katulah
LUYU jeung kontrak kerja, bulan ieu pas dua taun. Darja kukurusukan tengahing alas Borneo. Tutas dibenum jadi sinder operator alat beurat. Mangrébu tatangkalan sagedé-gedé beuteung munding, dibabad laju diséréd. Byur! digubragkeun ka
Mahakam. Kakayon diéntép pasambung-sambung. Ngangkleung. Ngembat satungtung deuleu. Awit Tenggarong, méh unggal kilométer, ngaliwatan pos jaga. Parahu motor patugas nyampeurkeun. Légégna heueuh naker. Mariksa formalitas. Jeplok! Pass dokumén disetémpel. Sung-song. Silitukeur dokumén jeung amplop. Anjog ka Samarinda, patugas gabungan rajol. Séwang-séwang kabagéan jatah miturut kapasitas. Rérés ngurus administrasi, Darja laporan ka kantorna. Di Rohangan bendahara, gutrut néken. Nyairkeun duit saperluna keur ongkos mulang. Sésana asup rekening. Ukur mawa gémbolan peperenian. Tilu poé ti harita, Darja geus aya di lemburna, Kadipaten. Ngajepat di rumahsakit Cideres. Weureu daun Saluang Belum. Hasil diagnosa: idiopatik. Kabéh dokter angkat tangan. Darja érektus hésé ngulampreh, nyelegeng saendeng-endeng. Katulah catang-catang nu ngababatang.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


