Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Beger Mindo
Rabu, 21 Agustus 2013
SANAJAN diembung-embung, ditahan-tahan, jeung diulah-ulah..... naha hate bet sono bae ka ngaran Dewi? Genep kali amprok di kelas, teu boga kesan nanaon ka manehna. Tapi naha waktu patepung nu katujuh kalina di kelas, bet aya
rasa? Aya geter katresna nu hese dijelaskeunana. Tepung panungtungan, nu kadalapan, kuring wakca ka manehna. Jawabna, "Abdi ridlo janten nu kadua, asal Ayah tiasa adil....!"* Irman N Dimyatié - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


