Heal The Word
Saméméh maridang, ngarumpul di handapeun panggung. Acan ogé prung, loba pamilon narémbongkeun sihungna, pada hayang kaalem, bangun hayang ngaruntagkeun para pamilon anu dianggap musuhna. Témbong rupaning
papakéan nu aranéh, ala barat, matak kukurayeun. Torojol Sudin ngajingjing kacapi, puguh nradisi pisan. Kabéh pamilon mencrong. Jarebi. “Cik Mang, geura tabeuh sarébueun mah,” Anu diténdok irungna nyelengkeung. “Iya dong, kita péngén denger lagu és céndolnyah, “ cék nu ditato tarangna, mairan. Sudin meureudeuy. Aya nu nyelek kana angena. Déwan juri arasup. Jep, jarempé. Puluhan pamilon geus kabagéan manggung. Nu lalajo euyah-euyahan. Giliran Sudin asup ka pangung. Ger, nu lalajo sareuseurian. Kaamanan ngahuit. Jep. Nyolong badé, Sudin nabeuh kacapi bari nukang, petikan ala Braga Stone, lagu Michael Jackson. Ngong nyoara. Kabéh juri katut nu lalajo narangtung. Keprok, ting saruit. Nu ditaréndok irungna, calangap.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


