Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Galindeng Kemba

Kamis, 22 Agustus 2013

SAKAMPUS. Kuring jeung Citra téh. Ngan béda jurusan. Wanoh sotéh pedah sarua aktif di PSM. Keur geulis téh cerdas, soméah, supel. Awak jangkung leutik. Pakulitan konéng umyang. Buuk hideung sacangkéng. Mun seuri waosna gulagumantung. Haté beuki bogoh. Kadeudeuh beuki pogot. Kuring nyaah ka Citra. Mindeng panggih, mindeng diskusi. Dahar bareng, nongton bareng. Sahobi resep sastra jeung olahraga. Poé isuk rék diwanikeun ngomong. Rék dibudalkeun sakabéh rasa. Sakotak coklat gambar écéng, maturan sabeungkeut lili jeung tulip anu ditalian ku pita kayas. Pikeun panganteur rasa. Saged dangdan. Mobil geus disiapkeun ti beurang keneh. "Aa...!" sora Bapa, bari muka panto kamar "Kulan...!" témbal kuring kagareuwahkeun tina lamunan "Pami tos rérés diantos di ruang tamu nya! Aya kejutan kanggo Aa." Seuri bari ngaléos. Kuring nuturkeun. "Aa, nepangkeun ieu indung hideup nu anyar!" "Citra." Ceuk éta wanoja. Bari ngasongkeun leungeun. Kuring ngaléos, bari mareuman seuneu na jero haté.* Rini Mayasari - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya