Néangan
GAP kana dada nu gudawang. “Manawi kagungan, abdi téh peryogi!” Rada bedas ayeuna mah nyarita téh. Keuheul. Rébuan nu balawiri , ditanya taya nu némbal. Teu ngarérét-rérét acan. Deregdeg ka nu keur ngarariung. Gorowok nanya
deui. Angger hararé-haré. Beu, piraku teu kadaréngéeun? Asa pol aing ngagorowok téh. Nompo pisan. Piraku teu kadareuleueun, sakieu aing ngajungkiringna. Boa tarorék atawa lalolong? Si kéhéd, kalah tingcarileung. Keur naréangan nanahaon, atuh? “Manawi aya anu kagungan, ditambut heula!” Urat beuheung asa pegat. Sora kalah ka peura. Angger taya nu maliré. Beu, kalah silihuyup késang, silihségét, silihkorowot. Nyel, ambek. Srog ka hareupeun maranéhna. “Sugan tarorék sia mah, Goblog!” sérépét mesat gobang kabuyutan. Keplas, keplas. Ditigasan hiji-hiji. Hulu patinggulutuk. Areuweuh getihan. Napsu ngurungan hulu. Rébuan waruga pasoléngkrah. Teu lila patingkoréjat deui. Silihuyup deui késang, silihségét deui, silihkorowot deui. “Ari sia garableg, hanteu, hah? Aing butuh!” ngagorowok leuwih tarik. Panasaran, baju-bajuna dirangsadan. Hiji-hiji. Breh, dada-dadana garorowong. Areuweuh jajantungan.* Nana Sukmana - kisuta.com


