Saépi
GEUS aya taunna manéhna kitu téh. Ti saprak cacap puasa salila dua taun, nu teu maké buka jeung sahur sakumaha biasa. Ukur nginum cai satengah gelas jeung sakeureut taleus pas tengah peutingna.
Kadang mun ditanya rék ka mana? Jawabna téh, aya rapat jeung bangsa jin. Kadang sok bébéja méméh ditanya, pajarkeun téh geus ngilu ngabedahkeun laut kalér nu geus hinyay caina. Malah pernah hiji waktu, poé juma'ah jam dua beurang, papaliwat di hareupeun imah. Barang ditanya, jawabna téh, "Uih ti langit kaopat, Mang! Geus juma'ahan jeung para malaikat!"
Poé kamari. Kabeneran tepung deui. Teu siga biasa. Bangun kingkin katingalina. Malah bet aya keclak cimata nu ragrag kana lahunanana. Panasaran, ditanya, "Kunaon, Jang?" teu waka ngajawab. Nyusut heula panonna. "Abdi hayang siga batur, Mang. Boga indung jeung bapa...."* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


